LAPORAN PANGAJARAN BASA SUNDA KELAS 9 SEMESTER 4-5




 
LAPORAN PANGAJARAN BASA SUNDA KELAS 9 TI SEMESTER 5-6


 
                                            







Disusun ku :
Nami  :  Andika Maulana yusuf
           Kelas  :  IX-G

                                                       SMP NEGERI 3 CIBADAK
                    Sekola Olahraga jeung Sakola Standar Nasional
                 Jl. Raya Karang Tengah No.691 Telp. (0266) 533115 Cibadak-Sukabumi




Lembaran Pangasahan
Judulna : Laporan Kagiatan Pangajaran Basa Sunda

Cibadak 22 Maret 2015





Dipikanyahokeun :
Wali Kelas                                                                         Guru Nu ngabimbimbing



...........................................................
………………………………………………

Fadli Mansur, S.Pd                                                      Dra. Ika Sukmawati
NIP:197912042014111001                                          NUPTIK : 9543743645300002




Pangjajap
Puji syukur urang sami-sami panjatkan ka ALLAH SWT sabab kalawan rahmat sareung hidayahna sangkan urang bisa keneh ngarengsekeun tugas Laporan pangajaran ieu jeung sae sarta bener. Teu hilap sholawat sarta salamna urang curahkeun kanggo baginda alam nyaeta Nabi Muhammad SAW.
Pangajaran bahasa ieu masihan pagatahuan anu seeur kanggo para murid-murid kelas 9,khususnya abdi salaku panulis. Abdi nyadar yen keterbatasan abdi dina pangajaran bahasa sunda,dina kituna abdi seruis dina ngadamel ieu laporan. Harepan abdi, mugi-mugi laporan ieu pikeun mawa manfaat kanggo urang sadaya.
Abdi ngaharep oge laporan ieu masihan kesan positif ka nu ngabaca. Jang numbuhkeun daya ingat,kreative, sareung pola berpikir uang. Ku kituna kritik sarta saranna ti sadaya pihak anu sifatna ngabangun osok abdi harapkeun demi kasampurnaan laporan ieu. Akhirna, ngahaturkeun nuhun ka guru Bahasa sunda anu atos ngabimbing dina nyusun laporan ieu







                                               
Cibadak, 22 Maret 2015
                Panulis  :    Andika Maulana Yusuf




Daptar Eusi
Sampul payun
Lembaran pangasahan...............................................................................................i
Pangjajap..................................................................................................................ii
Lembaran Pangasahan.............................................................................................iii
Daptar eusi...............................................................................................................iv
BAB I PANDAHULUAN
            1.1 Kasang Tukang........................................................................................1
1.2 Tujuanna..................................................................................................1
1.3 Waktos & tempatna.................................................................................1
BAB II EUSI
2.1 SEMESTER 5..........................................................................................2
2.2 SEMESTER 6........................................................................................15
BAB III PANUTUP
3.1 Kasimpulan.............................................................................................24
3.2 Saran.......................................................................................................24
Daptar pustaka.........................................................................................................25
Lampiran-lampiranna...............................................................................................




BAB I PENDAHULUAN
1.1  Kasang Tukang
Basa Sunda nyaéta salah sahiji basa anu aya ti Indonesia, khususna urang sunda. Teu dipikanyaho iraha basa ieu lahir, tapi aya bukti ditulis anu mangrupa katerangan pangkolotna, nyaéta prasasti abad ke-14 anu kapanggih di Kawali, Ciamis. Ditulis dina batu alam jeung aksara sarta basa Sunda (kuna). Kira-kira, prasasti kawas ieu aya sawatara buah sarta dijieun sawaktu pamaréntahan Prabu Niskala Wastu kancana(1397-1475). Abdi ngarengsekeun tugas ieu nyaeta dina rangka meunangkeun nilai ujian praketek bahasa sunda. Ningkatkeun kualitas pangajaran mangrupa salah sahiji dasar nambahan pendidikansecara kabéh. Usaha pikeun ngaronjatkeun kualitas atikan ngarupakeun bagian integral ti usaha pikeun ngaronjatkeun pangatahuaan dina Bahasa sunda.

1.2  Tujuana
Tujuan abdi/murid murid diajar basa sunda nyaeta supaya ngingetkeun deui kana bahasa sunda, boga kanyaah ka basa sunda,mikaweruh, kamaher, nyaho sikep hade dina basa sunda jeung anu pamustunganana diajarna daek jeung sumanget.

1.3  Waktos jeung tempatna
Palajaran bahasa sunda ieu sok dilaksanakeun di kelas, abdi salaku kelas 9g, diajaran basa sunda ieu dina dinten Rebo pas Semester 5 tabuh 1-2 atau 08.00 dugi ka 09.00, dinten Kemis pas Semester 6 tabuh 3-4 atau 09.00 dugi ka 10.15.WIB




BAB II EUSI
2.1 SEMESTER 5
2.1.1 PANGAJARAN 1
MACA WACANA PIDATO SESEREHAN.................................................................
            A. Ngaregepkeun Biantara/Pidato_1
            Dina tradisi kawinan di Sunda aya nu disebut seserahan.Seserahan nya eta acara  masrahkeun calon panganten lalaki ti kulawargana ka kulawarga calon panganten awewe. Dina acara seserahan oge biasana pihak ti calaon panganten lalaki masrahkeun barang-barang,kayaning perhiasan,duit,papakean.Ari gede leutik namah kumaha kamampuhan wae.contona:
            Pangaruhna kanggo panulis/abdi nyaeta tiasa terang naon anu dimaksud seserahan teh,rasa ingin tahu,bisa ngaregepkeun sareng ngapraktekeun dina aya hiji acara.
            B. Babasan Jeung Paribasa_3
Tetenan kalimah ieu di handap!
    “Lamun geus rumah tangga the nulah sok hejo tihang,tara aya pangaboga”
    “Kuresep ningali rumah tangga Agus jeung Desi,sauyunan pisan,kacai jadi salewi
      kadarat jadi salebak
,duanana silih pikanyaah.”
      Dina kalimah anu kahiji aya ungkaban Hejo tihang anu hartina teu bertahan atawa reseup pipindahan,ungkaban saperti kitu disebut Babasan.Dina kalimah kadu aya ungkaban kacai jadi salewi ka darat jadi salebak,anu hartina rapih(sauyunan).ungkaban saperti kitu disebut paribasa.Babasan jeung paribasa ngabogaan ciri anu sarua,nyaeta:.......................................................................................
- Ungkarana geus baku (teu bisa dirobah).......................................................................
- Ngabogaan harti kiasan (lain harti sabenerna)...............................................................
- Nyebar secara turun- temurun.
Anu ngabedakeun babasan jeung paribasa teh nyaeta:panjang pondok ungkapanana,babasan biasana gabungan dua kecap,sedengkeun paribasa leuwih ti dua kecap. Dumasa dina harti anu dikandungna, paribasa dibagi jadi 3 golongan :
1.      Paribasa wawaran luang, nyaeta paribasa anu dicokot tina pangalaman atawa hal anu dianggap lumrah (biasa) dina kahirupan sapopoe. .....................................
contona : Adean ku kuda beureum (hartina:repet make barang meunang nginyeum).
2.      Paribasa pangjurung lampah hade,nyaeta paribasa anu eusina ngajelaskeun hal nu kudu dilakonan biasana mangrupa papatah(nasehat)............. ..........................
contona : Kudu  sarendeuk saigel sabobot sapihanean (hartina:kudu akur sauyunan jeung batur)
3.      Paribasa panyaram lampah salah,nyaeta paribasa anu eusina mangrupa larangan ngalakukeun hiji pagawean salah tur ngarugikeun diri sorangan.
contona : Ulah pagiri-giri calik pagirang-girang tampian (hartina:ulah hayang paluhur-luhur dina kagorengan)
Pangaruhna kanggo panulis nyaeta bisa ngabedakeun Babasan jeung paribasa, rasa ingin tahu.

C. Carita Pantun_5
    Carita pantun dina basa sunda hartina beda pisan jeung dina istilah pantun dina basa Indonesia.Pantun dina basa Indonesia sarua jeung sisindiran dina basa sunda,pantun dina basa sunda nyaeta karya sastra wangun carita ditepikeun kucara lisan.Cara nepikeunnana aya anu dicaritakeun aya oge bagian anu di tembangkeun di pirig ku kacapi,Aya anu nyebut pangna disebut pantun,dumeh dipidangkeun bari di pirig ku kacapi(pantun).Nu macakeun pantun disebut juru pantun.Macakeun pantun disebut mantun.Carita pantun biasana nyaritakeun ngeunanan lalampahan satria ti karajaan sunda.

    Pagelaran pantun biasana dipagelarkeun dina acara salametan.Tujuanna pikeun kasalametan.Carita pantun biasana nyaritakeun raja,pangeran,atawa putri dikarajaan sunda,kusabab kitu aya anu nyebut istana sentris.Pedah caritana teu jauh tisabudeureun karajaan.
    Setruktur carita pantun the dibagi tilu bagian:
1. Rajah pramuka................................................................................................................
2. Eusi carita.......................................................................................................................
3.  Rajah pamunah/.Panutup
    Nudimaksud rajah nyaeta,mantrah panganteur anu eusina menta ijin, menta hampura, doa anu ditepikeun di awal jeung ditungtung carita anu ditujukeun ka dewa atawa ka karuhun anu rek dicaritakeun. Rajah diawal disebut Rajah Pamuka, Rajah ditungtung/akhir disebut raja pamunah.
Pangaruhna kanggo abdi nyaeta bisa terang naon anu dimaksud carita pantun, bisa ngabedakeun carita pantun dina basa indonesia jeung basa sunda, sarta bisa terang unsur–unsur carita pantun.

2.1.2 PANGAJARAN 2
NGAREGEPKEUN RUMPAKA KAWIH......................................................................
            A. Kawih
Dina Kamus Umum Basa Sunda (KUBS, 1995) wangenan kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Kawih téh lalaguan Sunda bébas, anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana.
 Kawih jeung kakawihan ngabogaan sasaruaan nya éta sarua rakitan sabangsa dangding anu henteu ngagunakeun patokan pupuh, sedengkeun bédana nya éta tina fungsina, mun kawih mah saukur didangdingkeun atawa dilagukeun sedengkeun kakawihan mah ngabogaan fungsi tambahan nya éta dipaké dina kaulinan barudak.
Di handap ieu, mangrupa salah sahiji conto kawih.

Contoh lagu kawih biasana Lalaguan pop Sunda karangan Nano S., Doel Sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman calung Héndarso, éta téh lagu kawih..Contoh lagu kawih nyaeta :.............................................................................................................
Hanya Ingin Kau Tahu (Sunda).................................................................   ................
Ku: Cindy Nursiva.............
Duh karasana nu endah kapeurih ati
Hancurna ieu harepan nu pegat tina cintana
Teu nyanding abadi najan anjeun nu geus ngarti
Najan anjeun nu geus surti
Pamikir anjeun abdi teu ngarti
Reff: Ooh, naha anjeun teu ku harianeun
Beuratna kacinta sawangan implengan jeung salira
Keur milampah sesa mangsa nu ayeuna
Dina waktu ieu dina ahirna pas panungtungan
oo.. oo.. oo..
B. Mahaman eusi kawih
            Saentos ngadangukeun kawih, tangtuna urang kudu mikaharti kekecapna. Canrana neangan dina Kamus. Bisa oge ku cara didiskusikeun jeung batur hidep di kelas. Contona nyaeta lagu lagu sunda tuluy di dijieunkeun kana drama sesuai jeung eusi kawihna.
C. Wangun kecap
Tengetan kalimah ieu dihandap!........................................................................................
1. Saalus alus nage Asep nembang moal saalur juara KDI.................................................
2. Sagoreng-gorengna oge sora biduan pasti leuwih goreng sora kuring
            Kecap saalus-alusna jeung sagoreng-gorengna, dina klimah diluhur nyaeta kecap rundayan (Indonesia=kata jadian) hasil proses ngarajek jeung ngararangkena. Kecap rundayan bisa disebut kecap rajekan bianarung rarangken upama dirucat prosesna sapeurti kieu: (awal jeung akhirna ngandung harti moal sarua persis):
Alus + sa-R-na            =          Saalus  alusna..............................................................
Goreng+ sa-R-na         =          Sagoreng gorengna
D. Carita Babad
Babad nyaéta carita nu patali jeung hiji patempatan atawa ilaharna mah karajaan nu dipercaya minangka sajarah. Patali jeung pangaruh Jawa, karéréaan babad ditulis dina wangun wawacan, upamana Babad Godog, Babad Panjalu, Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Sumedang, jsb. Ditilik tina jihat sajarah, babad téh lain bukti nu bisa dijieun sumber sajarah, tapi sahenteuna bisa dipaké pikeun bahan babandingan dina ngulik sajarah. Biasana dianalisis heula kalawan kritis, nepi ka meunang hiji kacindekan. Ieu hal téh dilantarankeun eusi babad salian ti nyaritakeun hal-hal nu patali jeung sajarah, ogé réa pisan nyaritakeun hal-hal nu pamohalan, sipatna fiktif, saperti jalma bisa ngapung, jalma sakti, jsté, anu nyampak dina karya-karya sastra...............
Sababaraha contoh carita babad diantarana bae”Kean santang”,”Seh Abdul Muhyi”,”Prabu Siliwangi” jeung sajabana.
Pangaruhna kanggo abdi dina Ngaregepkeun Rumpaka Kawih ieu nyaeta bisa mahaman eusi kawih, mikanyaho kawih jeung fungsi rarangkeun ra+R+Na, sarta bisa ngabedakeun Babad jeung Liarna.

2.1.3 PALAJARAN 3
MACA WACANA PERANG DRAMA...........................................................................
            A. Drama
Drama téh salasahiji wangun kasenian anu ngebréhkeun bubudén jalma ku tingkah laku, ucap réngkak, tata peta anu bobodoan. Drama sok dipaénkeun di panggung. Drama ku M.A Salmun digolongkeun kana Kasenian Mindocipta (herschepping), maksudna léngkah kadua sanggeus ayana naskah drama.Istilah drama asalna dina kecap dramoi (basa yunani) anu hartina gerak atawa kajadian.
Drama teh dibagi jadi 2, nyaeta drama modern jeung drama tradisional, anu ngabedakrunna  teh lamun drama tradisional dicokot tina tradisi hiji daerahnaha lalakona, waditra pamirigna, atawa tokoh tokohna. Drama modern lalakona tina kahirupan jalma kaayaunakeun, pamirigna ngagunakeun gitar, jeung latar caritana oge.
            B. Istilah Paelmuan
            “Dina Kasustaraan sunda drama teh kaasup sastra modern”
            Kasustaraan mangrupa istilah paelmuan anu malutuh ngenaan sastra. Seeur basa paelmuan dina basa sunda teh ngan geus jarang digunakeun dina komunikasi sapopoe, Diantarana :
1.      Kasusatraan : Elmu anu maluruh windang sastra
2.      Undagi = elmu bangunan (arsitek)
3.      Caturangga      = elmu pikeun mikanyaho tanda-tanda jeung perwatek kuda
4.      Palintangan     = elmu falak atawa palintangan
5.      Kasantikaan    = elmu perang, tatacara ngagunakeun pakarang
C. Kecap Panambah
Kecap panambah teh kagolong kecap pamcen, kecap panambah dibagi sababaraha golongan, nyaeta :
1.      Kecap panganteb. Contona : bae,deui,oge,mah,tea,teh,wae
2.      Kecap pangateur.Contona :juk,gek,dug,clak,rep,pok,leos
3.      Kecap panahap, contohna :leuwih, mani, kacida, pisan,pohara,remen
4.      Kecap Panambah aspek, contohna:keu,nuju,rek,can,geus,parantos,ujung-ujung
5.      Kecap panambah cara, contona:entong,ulah, henteu, tara,moal,kudu,jsb.
D. Kecap Panyeluk
            Aduh nyai deudeuh teuing, anak ema nyaah teuing.”
Kecap aduh dina kalimah diluhur, kagolong kecap panyeluk, kecap panyeluk mangrupa ungkaban rasa nu nyarita. Kecap payeluk digolongkeun jadi sababaraha hiji, diantarana:
1.      Nunjukeun rasa gumbira. : hore,asik
2.      Nunjukeun rasa kaget      : Wah,gening
3.      Nunjukeun pasrah            : ah, ehm
4.      Nunjukeun rasa gila         : Aduh,alahieung
Pangaruha kaanggo panulis nyaeta bisa ngabedakeun drama modern jeung drama tradisonal, ngarti anu dimaksud drama, bisa terang istilah – istilah paelmuan jeung bisa , bisa ngabedakeun kecap panyeluk jeung panambah.
2.1.4 PANGAJARAN 4
MACA ARTIKEL.............................................................................................................
            A. Artikel
Nudimaksud artikel nyaeta basa anu geus dimuat dina majalah atawakoran, eusina objektif dumasar fakta. Dina artikel mah teu aya tenggapan pribadi anu sipatna subjektif. Contohna :
Catetan DHIPA GALUH PURBA
Saméméh diajar mapatkeun tulak bala singlar runtah, taya salahna maluruh heula kasangtukang runtah. Sanajan henteu kungsi ngawawancara runtah, tapi bisa dipastikeun produsén runtah pangrongkahna mah jolna ti rumah tangga. Sabéngbatan mémang moal katingali loba, da puguh ti saimah téh rata-rata ukur sakérésék atawa dua kérésék. Tapi ari dikalikeun jeung sakabéh imah di Bandung mah, tangtu jumlahna bisa nepi ka ratusan rébu méter kubik. Ku ayana kitu, salah sahiji jalan anu bisa disorang nyaéta ngurangan jumlah runtah ti saban imah. Selengkepna baca di http://galuh-purba.com/tulak-bala-singlar-runtah/.
            B. Nulis Surat
Surat kaasup salah sahiji alat komunikasi ngaliwatan tulisan. Aya nu sifatna surat pribadi aya oge anu sifatna dinas. Surat pribadi, ditulis kuhiji jalma ka jalma lain. Ari surat dinas ditulis kuhiji instansi ka instansi lain atawa bisa oge ku pribadi.
Hal hal anu kudu diperhatikeun dina surat: :.................................................................
[Surat kudu rapi kertas jeung amplop kudu bersih, Eusi surat kudu jelas gampang dipahaman, basa surat kudu sopan tur komunikatip, alamat kudu jelas jeung lengkep]
6. Panutup
7. salam panutup
8. Tanda tangan jeung ngaran nu jelas
Babagian Surat teh nyaeta:
1.      Titi mangasa
2.      alamat anu dituju,
3.      salam bubuka,
4.      bubuka surat,
5.      eusi surat
C.Kalimah Wawaran
Kalimah wawaran nyaeta kalimah anu eusina mere nyaho ka batur ngeunaan hiji hal. Nilik kana unsurna, kaliamah wawaran teh dibagi dua :
1.      Kalimah wawawran basajan,nyaeta kalimah wawaran anu diwangun ku jejer(subjek)jeung caritaan(predikat),bisa ditambahan udagan(objek)bisa henteu.
Contona : - Dina Rengking ka hiji, -Satria ceurik, - Hayam kaserang plu burung
2.      Kalimah Wawaran jembar,nyaeta kalimah wawaran basajan anu dejembaran ku katerangan.
contona : - Dini rengking kahiji dikelasna, - Satria nuju nuang baso di kantin,jst.
Pangaruhna kanggo panulis nyaeta bisa terang anu dimaksud artikel jeung contona, babagian surat jeung cara nulis surat pribadi / dinas, terang anu dimaksud kalimah wawaran jeung babagianna.
2.1.5 PANGAJARAN 5
NULIS TEKS BIANTARA..................................... ...............................     
            A. Nulis Biantara
Biantara nyaéta hiji kedalan jeung susunan anu alus pikeun ditepikeun ka jelema loba. Conto biantara nyaéta kawas biantara kanagaraan, biantara ngabagéakeun poé badag, biantara pembangkit sumanget, biantara pangbagéa acara atawa event, sarta séjén sajabana. Biantara anu alus bisa méré hiji gambaran positif pikeun jalma-jalma anu ngadéngé biantara kasebut. Pangabisa pidato atawa nyarita anu alus di hareup umum / umum bisa mantuan pikeun ngahontal jenjang karir anu alus.
Aya tilu teknik nyiapkeun naskah biantara, nyaeta : 
1.      Teknik maca teks, ieu teknik midangkeun ku cara maca teks anu tos disiapkeun.
2.      Teknik nyatet inti(hal penting), Teknik ieu sagemblengan biantara ditulis, tapi cukup nulis galuh-galeuhna(inti masalah), supaya teu kaluar tina eusi biantara.
3.      Teknik nalar, ieu teknik midangkeun pidato kucara diapalkeun.
Eusi Biantara dibagi tilu :
1.      Bagian bubuka biantara
2.      Eusi Biantara
3.      Panutup biantara.
B. Kecap Rundayan
Kecap rundayan dina Basa Sunda nyaéta kecap asal anu geus dirarangkénan. Ku ayana rarangkén ieu, hiji kecap asal bisa ngajanggélék jadi ratusan kecap.
1.      Rarangken hareup ba-. Fungsina :     
-Pikeun ngawangun kecap pagawean, contona : bagilir,balabuh,balayar,jst 
-Pikeun ngawangun kecap kaayaan, contona : baketrak,baluas,basangkal,jst
2.      Rarangkeun hereup per-. Fungsina :  
-Ngawangun kecap barang anu hartina’hal nu jadi’.Conto :pertanda,perlambang.
-Ngawangun kecap sipat nu hartina’hal nu dibawa ti lahir’.Conto:perbawa,jst.
3.      Rarangken hareup sang-/nyang-, Fungsina : 
-Ngawangu kecap anu hartina’aya dina kaayaan’.conto:sangigir,sanghareup.
4.      Rarangken hareup ting-/pating-, Fungsina :  
-Kecap pagawean hartina’loba palakuna’.conto: tinggorowok/patinggorowok.
-Kecap sipat hartina ‘loba atawa terus-terusan’.conto:patinggurilap/tinggurilap.
Pangaruhna kanggo abdi nyaeta bisa terang anu dimaksud biantara, eusi-eusi biantara  jeung cara nulisna. Bisa terang anu dimaksud kecap rundayang sareng fungsi-fungsina.

2.2 SEMESTER 6
2.2.1 PANGAJARAN 1      
MACA ARTIKEL    
A. Maca artikel
1.      Maca Jero Hate
            Artikel teh nyaeta tulisan atawa karangan nu sok dimuat dina koran atawa majalah. Ieu wangenan teh tangtu loba teuing sabab tulisan atawa karangan dina koran atawa majalah loba pisan. Salah sahiji karangan nu sarimbang jeung artikel tur sok dimuat dina koran atawa majalah nya eta esey. Bedana artikel mah mangrupa karangan dina koran atawa majalah anu eusina objektif tur dumasar kana kanyataan. Sedengkeun esey mah sok diwuwuh ku pamanggih atawa pamadengan anu sifatna subjektif ti diri pangarang.       
Conto Wacana artikel diantarana nyaeta “Citarum Baheula”ku Gumiwang Tresna K.`

            B. Pangaweruh Basa
1. Kalimah Ngantet
            “Kuring maca buku carita, ari putri ngagambar kembang”    
            “Dania sasapu diburuan, sedengkeun Diana nyebor kekembangan”
            Saupama ditilik tina jumlah klause pangwangunna, dua kaliamh diluhur disebutna kalimah ngatet. Kalimah ngantet nyaeta kalimah anu diwangun ku sakurang-kurangna dua klause atawa dua kalimah salancar. Lamun ditilik deui, kalimah ngantet teh kabagi jadi dua bagian, nyaeta kalimah ngantet satata jeung kalimah ngantet seler-sumeler.

Kalimah ngantét satata : Nyaeta pangantet anu sakurang-kurangna diwangun ku dua kalimah salancar nu satata. Ciri – cirina :
1)      Diwangun ku sakurang – kurangna dua kalimah salancar nu masing – masing bisa mandiri. Contona : kuring maca buku carita, ari putri ngagambar kembang. Kalimah salancarna : Kuring maca buku carita, putri ngagambar kembang
2)      Klause anu dipiheulaan ku kecap panyambung satata saperti jeung, tapi, atawa,.Contona:Dania sasapu diburuan, sedengkeun Diana nyebok kembang. Henteu bisa dirobah jadi : Sedengkeun Diana nyebor kembang, Dania sasapu diburuan.
3)      Dina Kaloimah ngantet satata henteu dimeunagkeun kecap sulur(kecap gaganti jalma miheulaan kecap anu disuluranna). Contona : Rikrik teh hayang meuli buku, tapi manehna teu bogaeun duit.     
Henteu bisa dirobah jadi : Manehna teu bogaeun duit,Tapi Rikrik hayang meuli buku.
Kalimah ngantét sélér-sumélér: Nyaeta kalimah ngantet anu sakurang kurangna diwangun ku hiji klause bebas jeung hiji klause keuger. Ciri-Cirina
1)      Diwangun ku dua klause nu teu satata, klause lulugu jeung klause sélér.
2)      Tatali antara klause na dikantetkeun ku kecap panyambung teu satata, saperti sabot, basa, lamun, jste.
3)      Klause sélér nu dimimitian ku kecap panyambung teu satata, bisa pindah-pindah posisina.
4)      Klause sélér biasana nyicingan salah sahiji fungsi J(jejer), O(objek), Panglengkep, atawa katerangan.
5)      Kecap sulurna meunang miheulaan kecap nu disulurnana.
Pangaruhna kanggo panulis nyaeta tiasa ngabedakeun wacana artikel sareng Esay, bisa terang anu dimaksud kalimah ngatet sareng Bagaian-bagianna.


2.2.2        PANGAJARAN 2   
NGAREGEPKEUN TEMBANG     
A.    Ngaregepkeun Tembang           
Kecap tembang nurutkeun kamus mibanda harti basa dangdingan make aturan pupuh. Wangun karangan nu ngagunakeun aturan atawa patokan pupuh dina sastra sunda di antarana guguritan jeung wawacan. .Bedana, Guguritan mah wanguna leuwih pondok tur umumna diwangun ku sapupuh, sedengkeun wawacan mah eusina mangrupa lalakon hiji carita.  

            B. Pangaweruh Basa           
Islitah – istilah kasenian nu Mangrupa Tongtonan atawa Pintonan    :
1)      Angklung : Tatabeuhan tina awi nu dindan – endang.         
2)      Badud                  : tongtonan nu dipiring ku angklung jeung dogodog sarta diigelan.
3)      Banjet       : Saperti longser, disebut oge topeng Karawang, Waditra Ketuk tilu.
4)      Jaipongan : Pintonan mangrupa tari ketuk tilu nu ditambihan ku gerak penca
5)      Sisingaan : Helaran, pesta nyunatan budak nu digotong dina sisingaan .    
6)      Wayang   : Pintonan nu dipiring ku waditra nu kacida lengekepna  . Jste   
Pangaruhna kanggo panulis nyaeta bisa terang ciri – ciri tembang,conto tembang.  Tiasa ngabedakeun Guguritan sareng wawacan. Bisa terang conto –conto Istilah kasenian anu mangrupa tongtonan.       




2.2.3 PANGAJARAN 3      
NULIS HASIL WAWANCARA
A.    Nulis Hasil Wawancara
1.      Maca Conto Teks Wawancara
2.      Maca conto laporan Hasil Wawancara : Nyaeta dina hasil laporan anu geus di laksanakeun, bisa ditulis deui dina wangun laporan. Laporan eta teh eusina mangrupa tingkesan tina hasil wawancara atawa jawaban-jawaban narasumber.
B.     Pangaweruh Basa
1.      Tatakrama Basa Sunda, nyaéta ragam basa Sunda (diksi) anu dipaké atawa dipilihna dumasar kana kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana.
No.
Loma
Sedeng
Lemes
1.
Jawab
Walon
Waler
2.
Mahal
Awis
Awis
3.
Lanceuk
Pun Lanceuk
Tuang Raka
4.
Sabuk
Beubeur
Beulitan
5.
Sungut
Cangkem
Baham
6.
Tambah
Tambih
Wuwuh
7.
Tincak
Tincak
Dampal
8.
Bapa
Pun bapa
Tuang rama
9.
Butuh
Perlu
Peryogi
10.
Ceurik
Ceurik
Nangis
11.
Kawin
Nikah
Rendengan
12.
Injeum
Nambut
Nambut
13.
Nini
Pun nini
Tuang eyang
14.
Poho
Hilap
Lali
15.
Babatang
Mayit
Layon
Pangaruhna kanggo Panulis nyaeta jadi terang tina ngadamel teks wawancara, sareng bisa ngabedakeun tatakrama basa sunda anu sabenerna.
2.2.4 PANGAJARAN 4
MACA KARANGAN SORANGAN
A.    Maca Karangan Sorangan
1.      Maca Jero Hate
2.      Nyusun Karangan. Carana, langkah kahiji ; nagtukeun jejer nu rek dipedar. Kadua ; Nyusun rangkay karangan. Katilu ; Mekarkeun rangkay karangan jadi karangan anu gembleng.
3.      Maca Bedas(Maca Nyora),mun karangan tos disusun ku hidep, tuluy pek baca sing bedas secara bagilir.        

B. Pangaweruh Basa
1.      Ditilik dina wana klausa pangwangunna, kalimah bisa dibedakeun jadi sababaraha rupa, nyeta Kalimah barang, kalimah sifat, Kalimah pagawean, kalimah bilangan, jeung kalimah pangantet. Cara ngabedakeunana, ditetenan usuur pangwangun Caritaaana. Lamun Caritanana diwangun ku kecap atawa frase barang, eta kalimah teh disebut kalimah barang. Saupama caritaanana diwangun ku kecap atawa frase pagawean, eta kalimah teh disebut kalimah pagawean.
Kaalimah pagawean bisa kabagi jadi:
1)      Kalimah pagawean aktif ; Kalimah nu subjekna migawe pagawean
2)      Kalimah Pagawean Pasif ; Kalimah nu subjekna kekeunaan pagawean
3)      Kalimah Pagawean Reflektif ; Kalimah nu pagaweanana keur diri sorangan
4)      Kalimah Pangawean Resiproaktif ; Nu pagaweanana silihbales.
Kalimah Pagawean aktif, ieu kalimah kabagi :
1)      Kalimah aktif transitif ; Kalimah pagawean nu merlukeun objek
2)      Kalimah aktif intransitif ; kalimah nu teu memerlukeun objek.

Kalimah anu bisa diwincik deui kana bagian nu leuwih leutik nyaeta kalimah bilangan. Ieu kalimah kabagi jadi 5 :
1)      Kalimah Bilangan Utama
2)      Kalimat bilangan utama Klitik (eka,dwi,catur,jste)
3)      Kalimat bilangan Rendon (welasan, puluhan, ratusan, jste)
4)      Kalimat bilangan Tahapan
5)      Kalimat bilangan Pecahan (setengah, peserpuluh, jste)
Pangaruhna kanggo panulis nyaeta panulis jadi terang carana nyusun karangan, tiasa ngabedakeun rupi-rupi warna kalimah saperti ngabedakeun kalimah pagawean jeung kalimah kalimah nu lain.

2.2.5 PANGAJARAN 5
DRAMATISASI PUISI
A.    Dramatisasi Puisi
1.      Mintonkeun Dramatisasi Puisi
Dramatisasi teh mangrupa pagelaran karya sastra. Anu sok ilahar di dramtisasikeun nyaeta sajak atawa carita pondok. Dina prak-prakanana dramatisasi aya nu disebut narator (dalang),Pancenna macakeun nasakh ti awal nepi ka ahir pagelaran. Bagian bagian carita aya nu dihariringkeun aya oge anu dipagunemkeun. Conto judul Dramatisasi puuisi nyaeta “lalaki nu balik jurit”.




B.     Pangaweruh Basa
Istilah Pariwisata jeung istilah Kasehatan
1)      Istilah Pariwisata :     
“Kuring mah can pernah piknik ka muara Cikaso”    
“Kiwari mah geus loba turis ka wewengkon palabuanratu”  
“Sukabumi mibanda potensi keur Agrowisata(wisata hasil kebun)” 
“Lanceukna Neng Senja jadi pamandu wisata di Bali”         

2)      Istilah Kasehatan (boh ngaran kasakit boh ngaran ubarna) 
“Balas                      :Kasakit sabangsa hapur dina bungeut warnana bodas”
“Peujit Koreseun   :Kasakit nyeleungit beunteung lantaran telat barang dahar”
“Cacingeun             :Kasakit budak dina beteung nu dibalurkeun ku cacing”
“Puyer                     : Ngaran obat bubuk”
Pangaruhna kanggo panulis nyaeta jadi terang maksud tina Dramatisasi puisi saren jadi terang istilah- istilah pariwisata sareng istilah kasehatan.

2.2.6        PANGAJARAN 6
NULIS KARANGAN ILMIAH
A.    Nulis karangan ilmiah
nya éta laporan tinulis jeung dimedalkeun anu maparkeun hasil panalungtikan atawa kajian anu geus dilakukeun ku hiji jalma atawa hiji tim kalawan saluyu jeung kaédah sarta étika kaélmuan anu dipageuhkeun sarta ditaatan ku masarakat kaélmuan.
B.     Pagaweruh Basa
1.      Istilah patukangan :
1)      Adkopat : pangacara, pokrol, tukang ngabela nu boga perkara
2)      Andir : Tukang ngurus Jalan
3)      Anjun : Panjunan, tukng nyieu barang gagarabah / parabot tina taneuh
4)      Arsitek : Tukang nyiptakeun gambar wangunan anu alus
5)      Atlet : Tukang Olahraga
2.      Istilah nu majukeun kandaraan
1)      Mualim/nahoda : Jalma nu majukeun kapal cai
2)      Pilot                   : Jalma anu majukeun kapal udara diluhur
3)      Masinis              : Jalma anu majukeun Kareta api
4)      Kusir                  : Jalma anu majukeun Kuda narik delman
5)      Joki                    : Jalma anu majukeun Kuda teu make delman

2.2.7 PANGAJARAN 7
NYARITAKEUN EUSI NOVEL
A.    Nyaritakeun eusi novel
Novel nya éta karya sastra wangun prosa naratif fiksi nu caritana diatur dipapantes, nepi ka anu macana jaba ti ngarti, bari bisa ngarasakeun sarta nyipta kana naon-naon nu kasebut dina éta carita. Galur caritana leuwih rumit lamun dibandingkeun jeung carpon atawa carita pondok, lantaran jumlah kajadianna kawilang réa, sarta diwangun ku sababaraha épisodeu. Novel asalna tina basa Italia ''novella'', dina basa Jerman ''novelle'', sarta di basa Yunani ''novellus'', tuluy asup ka Indonesia jadi novel. Istilah-istilah éta téh hartina sarua nya éta karya prosa fiksi nu panjangna cakupan, teu panjang teuing ogé teu pondok teuing. Novel biasana diwangun ku leuwih ti 40.000 kecap, turta miboga ajén-ajén norma saperti ajén sosial, ajén étnik, ajén hédonik, ajén spirit, ajén koléktif, jeung ajén struktural.


B.     Pangaweruh Basa
1.      Leksikal jeung Gramatikal
Leksikal nya eta harti anu dikandung ku hiji kecap dumasar kana kamus, aya oge anu nyebutkeun harti paseur.Gramatikal nya eta harti kecap anu geus menang pangropea, boh ku cara dirarangkenkeun, boh ku cara dirajek atawa dikantetkeun.
Conto : a. Tataman Oge kagolongkeun kana sireum      
             b. Jang Arya reseupeun pisan kana sisireuman tina karet          
             c. Ari singsireumeun kaasup kana kasakit henteu?
Kalimah a disebutna harti leksikal, sedengkeun kalimah b jeung c disebutna harti gramatikan.
Pangaruh kanggo panulis nyaeta jadi terang kana nu dimaksud novel teh, panulis jadi tiasa ngabedakeun  kalimah leksikal jeung kalimah gramatikal.

w


                 BAB III PANUTUP              
3.1  Kasimpulan
Dina eusi diluhur tadi, tiasa disimpulkeun bahwa basa sunda meuni ka seeur, mulai ti budaya, kasenian, basa, pakakas musik , jste. Matak dari kitu urang sadaya salaku orang sunda teh kudu Ngalestarikeunana tong tika pareum. Laporan ieu oge  ngajadikeun panambah elmu pangatahuan ka abdi salaku panulis.

3.2  Saran
Abdi nyadar dina laporan ieu seeur manggihan kalimah atawa kata anu teu dipiharti jeung kata anu kurang merenah, ku kituna abdi ngaharepkeun saran jeung kritikna yen abdi tiasa nganyampurnakeun ieu laporan tiasa tambih sae.
Jeung hatur nuhun ka ibu guru basa sunda ano tos masihan tugas ujian praktek ieu.

q

                                          Daftar Pustaka
Yusuf, Maulana, Andika, 2015, Panulis laporan pangajaran basa sunda.Cibadak https://www.wikipedia.org/


Mungkin itu laporan Tentang Pangajaran basa sunda kelas 9 Semester 4-5. Semoga Bermanfaat :) .



Jangan lupa untuk klik share likenya dibawah ini! :

0 Response to "LAPORAN PANGAJARAN BASA SUNDA KELAS 9 SEMESTER 4-5"

Posting Komentar