LAPORAN PANGAJARAN BASA SUNDA KELAS
9 TI SEMESTER 5-6
Disusun
ku :
Nami :
Andika Maulana yusuf
Kelas
: IX-G
Sekola Olahraga
jeung Sakola Standar Nasional
Jl. Raya Karang Tengah No.691 Telp.
(0266) 533115 Cibadak-Sukabumi
|
Lembaran Pangasahan
Judulna : Laporan Kagiatan Pangajaran Basa Sunda
Judulna : Laporan Kagiatan Pangajaran Basa Sunda
Cibadak
22 Maret 2015
Dipikanyahokeun :
Wali Kelas Guru Nu ngabimbimbing
………………………………………………
|
NIP:197912042014111001 NUPTIK : 9543743645300002
Pangjajap
Puji
syukur urang sami-sami panjatkan ka ALLAH SWT sabab kalawan rahmat sareung
hidayahna sangkan urang bisa keneh ngarengsekeun tugas Laporan pangajaran ieu
jeung sae sarta bener. Teu hilap sholawat sarta salamna urang curahkeun kanggo
baginda alam nyaeta Nabi Muhammad SAW.
Pangajaran bahasa ieu masihan pagatahuan anu seeur kanggo
para murid-murid kelas 9,khususnya abdi salaku panulis. Abdi nyadar yen
keterbatasan abdi dina pangajaran bahasa sunda,dina kituna abdi seruis dina
ngadamel ieu laporan. Harepan abdi, mugi-mugi laporan ieu pikeun mawa manfaat
kanggo urang sadaya.
Abdi ngaharep oge laporan ieu masihan kesan positif ka nu
ngabaca. Jang numbuhkeun daya ingat,kreative, sareung pola berpikir uang. Ku
kituna kritik sarta saranna ti sadaya pihak anu sifatna ngabangun osok abdi
harapkeun demi kasampurnaan laporan ieu. Akhirna, ngahaturkeun nuhun ka
guru Bahasa sunda anu atos ngabimbing dina nyusun laporan ieu
Cibadak,
22 Maret 2015
Panulis
: Andika Maulana Yusuf
Daptar
Eusi
Sampul payun
Lembaran pangasahan...............................................................................................i
Pangjajap..................................................................................................................ii
Lembaran Pangasahan.............................................................................................iii
Daptar eusi...............................................................................................................iv
Lembaran pangasahan...............................................................................................i
Pangjajap..................................................................................................................ii
Lembaran Pangasahan.............................................................................................iii
Daptar eusi...............................................................................................................iv
BAB I PANDAHULUAN
1.1 Kasang Tukang........................................................................................1
1.1 Kasang Tukang........................................................................................1
1.2
Tujuanna..................................................................................................1
1.3
Waktos &
tempatna.................................................................................1
BAB II EUSI
2.1
SEMESTER 5..........................................................................................2
2.2
SEMESTER
6........................................................................................15
BAB III PANUTUP
3.1
Kasimpulan.............................................................................................24
3.2
Saran.......................................................................................................24
Daptar
pustaka.........................................................................................................25
Lampiran-lampiranna...............................................................................................
Lampiran-lampiranna...............................................................................................
BAB
I PENDAHULUAN
1.1 Kasang
Tukang
Basa
Sunda nyaéta salah sahiji basa anu aya ti Indonesia, khususna urang sunda. Teu dipikanyaho
iraha basa ieu lahir, tapi aya bukti ditulis anu mangrupa katerangan
pangkolotna, nyaéta prasasti abad ke-14 anu kapanggih di Kawali, Ciamis.
Ditulis dina batu alam jeung aksara sarta basa Sunda (kuna). Kira-kira,
prasasti kawas ieu aya sawatara buah sarta dijieun sawaktu pamaréntahan Prabu
Niskala Wastu kancana(1397-1475). Abdi ngarengsekeun tugas ieu
nyaeta dina rangka meunangkeun nilai ujian praketek bahasa sunda. Ningkatkeun
kualitas pangajaran mangrupa salah sahiji dasar nambahan pendidikansecara kabéh. Usaha pikeun
ngaronjatkeun kualitas atikan ngarupakeun
bagian integral ti usaha pikeun ngaronjatkeun pangatahuaan dina Bahasa sunda.
1.2 Tujuana
Tujuan
abdi/murid murid diajar basa sunda nyaeta supaya ngingetkeun deui kana bahasa
sunda, boga kanyaah ka basa sunda,mikaweruh, kamaher, nyaho sikep hade dina
basa sunda jeung anu pamustunganana diajarna daek jeung sumanget.
1.3 Waktos
jeung tempatna
Palajaran
bahasa sunda ieu sok dilaksanakeun di kelas, abdi salaku kelas 9g, diajaran
basa sunda ieu dina dinten Rebo pas Semester 5 tabuh 1-2 atau 08.00 dugi ka
09.00, dinten Kemis pas Semester 6 tabuh 3-4 atau 09.00 dugi ka 10.15.WIB
BAB
II EUSI
2.1 SEMESTER 5
2.1.1 PANGAJARAN 1
MACA
WACANA PIDATO SESEREHAN.................................................................
A. Ngaregepkeun Biantara/Pidato_1
A. Ngaregepkeun Biantara/Pidato_1
Dina tradisi kawinan di Sunda
aya nu disebut seserahan.Seserahan nya eta acara masrahkeun calon panganten lalaki ti
kulawargana ka kulawarga calon panganten awewe. Dina acara seserahan oge
biasana pihak ti calaon panganten lalaki masrahkeun barang-barang,kayaning
perhiasan,duit,papakean.Ari gede leutik namah kumaha kamampuhan wae.contona:
Pangaruhna
kanggo panulis/abdi nyaeta tiasa terang naon anu dimaksud seserahan teh,rasa
ingin tahu,bisa ngaregepkeun sareng ngapraktekeun dina aya hiji acara.
B.
Babasan Jeung Paribasa_3
Tetenan
kalimah ieu di handap!
“Lamun geus rumah tangga the nulah sok hejo tihang,tara aya pangaboga”
“Kuresep ningali rumah tangga Agus jeung
Desi,sauyunan pisan,kacai jadi salewi
kadarat jadi salebak,duanana silih pikanyaah.”
kadarat jadi salebak,duanana silih pikanyaah.”
Dina kalimah anu kahiji aya ungkaban Hejo tihang anu hartina teu bertahan atawa
reseup pipindahan,ungkaban saperti kitu disebut Babasan.Dina kalimah kadu aya ungkaban kacai jadi
salewi ka darat jadi salebak,anu hartina rapih(sauyunan).ungkaban saperti kitu
disebut paribasa.Babasan jeung paribasa ngabogaan ciri anu sarua,nyaeta:.......................................................................................
- Ungkarana geus baku (teu bisa dirobah).......................................................................
- Ngabogaan harti kiasan (lain harti sabenerna)...............................................................
- Nyebar secara turun- temurun.
- Ungkarana geus baku (teu bisa dirobah).......................................................................
- Ngabogaan harti kiasan (lain harti sabenerna)...............................................................
- Nyebar secara turun- temurun.
Anu
ngabedakeun babasan jeung paribasa teh nyaeta:panjang pondok ungkapanana,babasan biasana gabungan dua
kecap,sedengkeun paribasa leuwih ti dua kecap. Dumasa dina harti anu
dikandungna, paribasa dibagi jadi 3 golongan :
1. Paribasa
wawaran luang, nyaeta paribasa anu
dicokot tina pangalaman atawa hal anu dianggap lumrah (biasa) dina kahirupan
sapopoe.
.....................................
contona : Adean ku kuda beureum (hartina:repet make barang meunang nginyeum).
contona : Adean ku kuda beureum (hartina:repet make barang meunang nginyeum).
2. Paribasa
pangjurung lampah hade,nyaeta paribasa anu eusina ngajelaskeun hal nu kudu
dilakonan biasana mangrupa papatah(nasehat)............. ..........................
contona : Kudu sarendeuk saigel sabobot sapihanean (hartina:kudu akur sauyunan jeung batur)
contona : Kudu sarendeuk saigel sabobot sapihanean (hartina:kudu akur sauyunan jeung batur)
3. Paribasa
panyaram lampah salah,nyaeta paribasa anu eusina mangrupa larangan ngalakukeun
hiji pagawean salah tur ngarugikeun diri sorangan.
contona : Ulah pagiri-giri calik pagirang-girang tampian (hartina:ulah hayang paluhur-luhur dina kagorengan)
contona : Ulah pagiri-giri calik pagirang-girang tampian (hartina:ulah hayang paluhur-luhur dina kagorengan)
Pangaruhna kanggo
panulis nyaeta bisa ngabedakeun Babasan jeung paribasa, rasa ingin tahu.
C. Carita Pantun_5
Carita pantun dina basa sunda hartina beda
pisan jeung dina istilah pantun dina basa Indonesia.Pantun dina basa Indonesia sarua jeung sisindiran
dina basa sunda,pantun dina basa sunda
nyaeta karya sastra wangun carita ditepikeun kucara lisan.Cara nepikeunnana
aya anu dicaritakeun aya oge bagian anu di tembangkeun di pirig ku kacapi,Aya
anu nyebut pangna disebut pantun,dumeh dipidangkeun bari di pirig ku
kacapi(pantun).Nu macakeun pantun disebut juru
pantun.Macakeun pantun disebut mantun.Carita
pantun biasana nyaritakeun ngeunanan lalampahan satria ti karajaan sunda.
Pagelaran pantun biasana dipagelarkeun dina
acara salametan.Tujuanna pikeun kasalametan.Carita pantun biasana nyaritakeun
raja,pangeran,atawa putri dikarajaan sunda,kusabab kitu aya anu nyebut istana
sentris.Pedah caritana teu jauh tisabudeureun karajaan.
Setruktur carita pantun the dibagi tilu
bagian:
1. Rajah pramuka................................................................................................................
2. Eusi carita.......................................................................................................................
3. Rajah pamunah/.Panutup
2. Eusi carita.......................................................................................................................
3. Rajah pamunah/.Panutup
Nudimaksud rajah nyaeta,mantrah panganteur anu eusina menta ijin, menta hampura, doa anu
ditepikeun di awal jeung ditungtung carita anu ditujukeun ka dewa atawa ka karuhun
anu rek dicaritakeun. Rajah diawal disebut Rajah Pamuka, Rajah ditungtung/akhir disebut raja pamunah.
Pangaruhna kanggo abdi nyaeta bisa
terang naon anu dimaksud carita pantun, bisa ngabedakeun carita pantun dina
basa indonesia jeung basa sunda, sarta bisa terang unsur–unsur carita pantun.
2.1.2 PANGAJARAN 2
NGAREGEPKEUN
RUMPAKA KAWIH......................................................................
A. Kawih
A. Kawih
Dina
Kamus Umum Basa Sunda (KUBS, 1995) wangenan kawih nya éta rakitan basa sabangsa
dangding nu teu make patokan pupuh. Kawih téh lalaguan Sunda bébas, anu henteu
kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana.
Kawih jeung kakawihan ngabogaan sasaruaan nya éta sarua rakitan sabangsa dangding anu henteu ngagunakeun patokan pupuh, sedengkeun bédana nya éta tina fungsina, mun kawih mah saukur didangdingkeun atawa dilagukeun sedengkeun kakawihan mah ngabogaan fungsi tambahan nya éta dipaké dina kaulinan barudak.
Di handap ieu, mangrupa salah sahiji conto kawih.
Kawih jeung kakawihan ngabogaan sasaruaan nya éta sarua rakitan sabangsa dangding anu henteu ngagunakeun patokan pupuh, sedengkeun bédana nya éta tina fungsina, mun kawih mah saukur didangdingkeun atawa dilagukeun sedengkeun kakawihan mah ngabogaan fungsi tambahan nya éta dipaké dina kaulinan barudak.
Di handap ieu, mangrupa salah sahiji conto kawih.
Contoh
lagu kawih biasana Lalaguan pop Sunda karangan Nano S., Doel Sumbang, atawa nu
sok dihaleuangkeun ku seniman calung Héndarso, éta téh lagu kawih..Contoh lagu kawih nyaeta :.............................................................................................................
Hanya Ingin Kau Tahu (Sunda)................................................................. ................
Ku: Cindy Nursiva.............
Hanya Ingin Kau Tahu (Sunda)................................................................. ................
Ku: Cindy Nursiva.............
Duh karasana nu endah kapeurih ati
Hancurna ieu harepan nu pegat tina cintana
Teu nyanding abadi najan anjeun nu geus ngarti
Najan anjeun nu geus surti
Pamikir anjeun abdi teu ngarti
Hancurna ieu harepan nu pegat tina cintana
Teu nyanding abadi najan anjeun nu geus ngarti
Najan anjeun nu geus surti
Pamikir anjeun abdi teu ngarti
Reff: Ooh, naha anjeun teu ku harianeun
Beuratna kacinta sawangan implengan jeung salira
Keur milampah sesa mangsa nu ayeuna
Dina waktu ieu dina ahirna pas panungtungan
oo.. oo.. oo..
Beuratna kacinta sawangan implengan jeung salira
Keur milampah sesa mangsa nu ayeuna
Dina waktu ieu dina ahirna pas panungtungan
oo.. oo.. oo..
B. Mahaman
eusi kawih
Saentos
ngadangukeun kawih, tangtuna urang kudu mikaharti kekecapna. Canrana neangan
dina Kamus. Bisa oge ku cara didiskusikeun jeung batur hidep di kelas. Contona
nyaeta lagu lagu sunda tuluy di dijieunkeun kana drama sesuai jeung eusi
kawihna.
C. Wangun kecap
Tengetan kalimah ieu dihandap!........................................................................................
1. Saalus alus nage Asep nembang moal saalur juara KDI.................................................
2. Sagoreng-gorengna oge sora biduan pasti leuwih goreng sora kuring
1. Saalus alus nage Asep nembang moal saalur juara KDI.................................................
2. Sagoreng-gorengna oge sora biduan pasti leuwih goreng sora kuring
Kecap
saalus-alusna jeung sagoreng-gorengna, dina klimah diluhur nyaeta kecap
rundayan (Indonesia=kata jadian) hasil proses ngarajek jeung ngararangkena.
Kecap rundayan bisa disebut kecap rajekan bianarung rarangken upama dirucat
prosesna sapeurti kieu: (awal jeung akhirna ngandung harti moal sarua persis):
Alus + sa-R-na = Saalus alusna..............................................................
Goreng+ sa-R-na = Sagoreng gorengna
Goreng+ sa-R-na = Sagoreng gorengna
D. Carita Babad
Babad nyaéta carita nu patali jeung hiji
patempatan atawa ilaharna mah karajaan nu dipercaya minangka sajarah. Patali
jeung pangaruh Jawa, karéréaan babad ditulis dina wangun wawacan, upamana Babad Godog, Babad Panjalu,
Babad
Cirebon, Babad Banten, Babad Sumedang,
jsb. Ditilik tina jihat sajarah, babad téh lain bukti nu bisa dijieun sumber sajarah, tapi sahenteuna bisa dipaké pikeun
bahan babandingan dina ngulik sajarah. Biasana dianalisis heula kalawan kritis,
nepi ka meunang hiji kacindekan. Ieu hal téh dilantarankeun eusi babad salian
ti nyaritakeun hal-hal nu patali jeung sajarah, ogé réa pisan nyaritakeun
hal-hal nu pamohalan, sipatna fiktif, saperti jalma bisa ngapung, jalma sakti,
jsté, anu nyampak dina karya-karya sastra...............
Sababaraha contoh carita babad diantarana bae”Kean santang”,”Seh Abdul Muhyi”,”Prabu Siliwangi” jeung sajabana.
Sababaraha contoh carita babad diantarana bae”Kean santang”,”Seh Abdul Muhyi”,”Prabu Siliwangi” jeung sajabana.
Pangaruhna kanggo abdi dina Ngaregepkeun Rumpaka
Kawih ieu nyaeta bisa mahaman eusi kawih, mikanyaho kawih jeung fungsi
rarangkeun ra+R+Na, sarta bisa ngabedakeun Babad jeung Liarna.
MACA WACANA PERANG DRAMA...........................................................................
A. Drama
A. Drama
Drama téh salasahiji wangun kasenian anu ngebréhkeun bubudén jalma ku
tingkah laku, ucap réngkak, tata peta anu bobodoan. Drama sok dipaénkeun di
panggung. Drama ku M.A Salmun digolongkeun kana Kasenian Mindocipta
(herschepping), maksudna léngkah kadua sanggeus ayana naskah drama.Istilah
drama asalna dina kecap dramoi (basa
yunani) anu hartina gerak atawa kajadian.
Drama teh dibagi jadi 2, nyaeta drama
modern jeung drama tradisional, anu ngabedakrunna teh lamun drama tradisional dicokot tina
tradisi hiji daerahnaha lalakona, waditra pamirigna, atawa tokoh tokohna. Drama
modern lalakona tina kahirupan jalma kaayaunakeun, pamirigna ngagunakeun gitar,
jeung latar caritana oge.
B. Istilah Paelmuan
“Dina
Kasustaraan sunda drama teh kaasup sastra modern”
Kasustaraan
mangrupa istilah paelmuan anu malutuh ngenaan sastra. Seeur basa paelmuan dina
basa sunda teh ngan geus jarang digunakeun dina komunikasi sapopoe, Diantarana
:
1.
Kasusatraan
: Elmu anu maluruh windang sastra
2.
Undagi = elmu bangunan (arsitek)
3.
Caturangga =
elmu pikeun mikanyaho tanda-tanda jeung perwatek kuda
4.
Palintangan =
elmu falak atawa palintangan
5.
Kasantikaan =
elmu perang, tatacara ngagunakeun pakarang
C. Kecap Panambah
Kecap panambah teh kagolong
kecap pamcen, kecap panambah dibagi sababaraha golongan, nyaeta :
1. Kecap panganteb. Contona :
bae,deui,oge,mah,tea,teh,wae
2. Kecap pangateur.Contona
:juk,gek,dug,clak,rep,pok,leos
3. Kecap panahap, contohna :leuwih, mani, kacida,
pisan,pohara,remen
4. Kecap Panambah aspek, contohna:keu,nuju,rek,can,geus,parantos,ujung-ujung
5. Kecap panambah cara, contona:entong,ulah,
henteu, tara,moal,kudu,jsb.
D. Kecap Panyeluk
“Aduh nyai deudeuh teuing, anak ema
nyaah teuing.”
Kecap aduh dina kalimah diluhur,
kagolong kecap panyeluk, kecap panyeluk mangrupa ungkaban rasa nu nyarita.
Kecap payeluk digolongkeun jadi sababaraha hiji, diantarana:
1. Nunjukeun
rasa gumbira. : hore,asik
2. Nunjukeun
rasa kaget : Wah,gening
3. Nunjukeun
pasrah : ah, ehm
4. Nunjukeun
rasa gila : Aduh,alahieung
Pangaruha kaanggo panulis nyaeta bisa ngabedakeun drama modern
jeung drama tradisonal, ngarti anu dimaksud drama, bisa terang istilah –
istilah paelmuan jeung bisa , bisa ngabedakeun kecap panyeluk jeung panambah.
2.1.4 PANGAJARAN 4
MACA ARTIKEL.............................................................................................................
A. Artikel
A. Artikel
Nudimaksud artikel nyaeta basa anu geus dimuat dina
majalah atawakoran, eusina objektif dumasar fakta. Dina artikel mah teu aya
tenggapan pribadi anu sipatna subjektif. Contohna :
Catetan
DHIPA GALUH PURBA
Saméméh
diajar mapatkeun tulak bala singlar runtah, taya salahna maluruh heula
kasangtukang runtah. Sanajan henteu kungsi ngawawancara runtah, tapi bisa
dipastikeun produsén runtah pangrongkahna mah jolna ti rumah tangga.
Sabéngbatan mémang moal katingali loba, da puguh ti saimah téh rata-rata ukur
sakérésék atawa dua kérésék. Tapi ari dikalikeun jeung sakabéh imah di Bandung
mah, tangtu jumlahna bisa nepi ka ratusan rébu méter kubik. Ku ayana kitu,
salah sahiji jalan anu bisa disorang nyaéta ngurangan jumlah runtah ti saban
imah. Selengkepna baca di http://galuh-purba.com/tulak-bala-singlar-runtah/.
B. Nulis Surat
Surat kaasup
salah sahiji alat komunikasi ngaliwatan tulisan. Aya nu sifatna surat pribadi
aya oge anu sifatna dinas. Surat pribadi, ditulis kuhiji jalma ka jalma lain.
Ari surat dinas ditulis kuhiji instansi ka instansi lain atawa bisa oge ku
pribadi.
Hal hal anu kudu diperhatikeun dina surat: :.................................................................
[Surat kudu rapi kertas jeung amplop kudu bersih, Eusi surat kudu jelas gampang dipahaman, basa surat kudu sopan tur komunikatip, alamat kudu jelas jeung lengkep]
Hal hal anu kudu diperhatikeun dina surat: :.................................................................
[Surat kudu rapi kertas jeung amplop kudu bersih, Eusi surat kudu jelas gampang dipahaman, basa surat kudu sopan tur komunikatip, alamat kudu jelas jeung lengkep]
6. Panutup
7. salam panutup
8. Tanda tangan
jeung ngaran nu jelas
|
1. Titi
mangasa
2. alamat
anu dituju,
3. salam
bubuka,
4. bubuka
surat,
5. eusi
surat
C.Kalimah Wawaran
Kalimah wawaran nyaeta kalimah
anu eusina mere nyaho ka batur ngeunaan hiji hal. Nilik kana unsurna, kaliamah
wawaran teh dibagi dua :
1. Kalimah wawawran basajan,nyaeta kalimah
wawaran anu diwangun ku jejer(subjek)jeung caritaan(predikat),bisa ditambahan
udagan(objek)bisa henteu.
Contona : - Dina Rengking ka hiji, -Satria ceurik, - Hayam kaserang plu burung
Contona : - Dina Rengking ka hiji, -Satria ceurik, - Hayam kaserang plu burung
2. Kalimah Wawaran jembar,nyaeta kalimah
wawaran basajan anu dejembaran ku katerangan.
contona : - Dini rengking kahiji dikelasna, - Satria nuju nuang baso di kantin,jst.
contona : - Dini rengking kahiji dikelasna, - Satria nuju nuang baso di kantin,jst.
Pangaruhna kanggo panulis nyaeta bisa terang anu dimaksud artikel
jeung contona, babagian surat jeung cara nulis surat pribadi / dinas, terang
anu dimaksud kalimah wawaran jeung babagianna.
2.1.5 PANGAJARAN 5
NULIS TEKS BIANTARA.....................................
...............................
A. Nulis Biantara
A. Nulis Biantara
Biantara
nyaéta hiji kedalan jeung susunan anu alus pikeun ditepikeun ka jelema loba.
Conto biantara nyaéta kawas biantara kanagaraan, biantara ngabagéakeun poé
badag, biantara pembangkit sumanget, biantara pangbagéa acara atawa event,
sarta séjén sajabana. Biantara anu alus bisa méré hiji gambaran positif pikeun
jalma-jalma anu ngadéngé biantara kasebut. Pangabisa pidato atawa nyarita anu
alus di hareup umum / umum bisa mantuan pikeun ngahontal jenjang karir anu
alus.
Aya tilu teknik nyiapkeun naskah
biantara, nyaeta :
1. Teknik maca teks, ieu teknik midangkeun
ku cara maca teks anu tos disiapkeun.
2. Teknik nyatet inti(hal penting), Teknik
ieu sagemblengan biantara ditulis, tapi cukup nulis galuh-galeuhna(inti
masalah), supaya teu kaluar tina eusi biantara.
3. Teknik nalar, ieu teknik midangkeun
pidato kucara diapalkeun.
Eusi Biantara dibagi tilu :
1. Bagian
bubuka biantara
2. Eusi
Biantara
3. Panutup
biantara.
B. Kecap Rundayan
Kecap rundayan dina Basa Sunda nyaéta kecap asal anu geus dirarangkénan. Ku ayana rarangkén ieu, hiji kecap asal bisa
ngajanggélék jadi ratusan kecap.
1.
Rarangken hareup ba-. Fungsina :
-Pikeun ngawangun kecap pagawean, contona : bagilir,balabuh,balayar,jst
-Pikeun ngawangun kecap kaayaan, contona : baketrak,baluas,basangkal,jst
-Pikeun ngawangun kecap pagawean, contona : bagilir,balabuh,balayar,jst
-Pikeun ngawangun kecap kaayaan, contona : baketrak,baluas,basangkal,jst
2.
Rarangkeun hereup per-. Fungsina :
-Ngawangun kecap barang anu hartina’hal nu jadi’.Conto :pertanda,perlambang.
-Ngawangun kecap sipat nu hartina’hal nu dibawa ti lahir’.Conto:perbawa,jst.
-Ngawangun kecap barang anu hartina’hal nu jadi’.Conto :pertanda,perlambang.
-Ngawangun kecap sipat nu hartina’hal nu dibawa ti lahir’.Conto:perbawa,jst.
3.
Rarangken hareup sang-/nyang-, Fungsina :
-Ngawangu kecap anu hartina’aya dina kaayaan’.conto:sangigir,sanghareup.
-Ngawangu kecap anu hartina’aya dina kaayaan’.conto:sangigir,sanghareup.
4.
Rarangken hareup ting-/pating-, Fungsina :
-Kecap pagawean hartina’loba palakuna’.conto: tinggorowok/patinggorowok.
-Kecap sipat hartina ‘loba atawa terus-terusan’.conto:patinggurilap/tinggurilap.
-Kecap pagawean hartina’loba palakuna’.conto: tinggorowok/patinggorowok.
-Kecap sipat hartina ‘loba atawa terus-terusan’.conto:patinggurilap/tinggurilap.
Pangaruhna kanggo abdi nyaeta bisa terang anu
dimaksud biantara, eusi-eusi biantara
jeung cara nulisna. Bisa terang anu dimaksud kecap rundayang sareng
fungsi-fungsina.
2.2
SEMESTER 6
2.2.1 PANGAJARAN 1
MACA ARTIKEL
MACA ARTIKEL
A. Maca artikel
1.
Maca
Jero Hate
Artikel teh nyaeta tulisan atawa
karangan nu sok dimuat dina koran atawa majalah. Ieu wangenan teh tangtu loba
teuing sabab tulisan atawa karangan dina koran atawa majalah loba pisan. Salah
sahiji karangan nu sarimbang jeung artikel tur sok dimuat dina koran atawa
majalah nya eta esey. Bedana artikel
mah mangrupa karangan dina koran atawa
majalah anu eusina objektif tur dumasar kana kanyataan. Sedengkeun esey mah sok diwuwuh ku pamanggih atawa
pamadengan anu sifatna subjektif ti diri pangarang.
Conto Wacana artikel diantarana nyaeta “Citarum Baheula”ku Gumiwang Tresna K.`
Conto Wacana artikel diantarana nyaeta “Citarum Baheula”ku Gumiwang Tresna K.`
B. Pangaweruh Basa
1. Kalimah Ngantet
“Kuring
maca buku carita, ari putri ngagambar kembang”
“Dania sasapu diburuan, sedengkeun Diana nyebor kekembangan”
“Dania sasapu diburuan, sedengkeun Diana nyebor kekembangan”
Saupama
ditilik tina jumlah klause pangwangunna, dua kaliamh diluhur disebutna kalimah
ngatet. Kalimah ngantet nyaeta
kalimah anu diwangun ku sakurang-kurangna dua klause atawa dua kalimah
salancar. Lamun ditilik deui, kalimah ngantet teh kabagi jadi dua bagian,
nyaeta kalimah ngantet satata jeung
kalimah ngantet seler-sumeler.
Kalimah ngantét satata : Nyaeta
pangantet anu sakurang-kurangna diwangun ku dua kalimah salancar nu satata.
Ciri – cirina :
1)
Diwangun
ku sakurang – kurangna dua kalimah salancar nu masing – masing bisa mandiri.
Contona : kuring maca buku carita, ari
putri ngagambar kembang. Kalimah salancarna : Kuring maca buku carita,
putri ngagambar kembang
2)
Klause
anu dipiheulaan ku kecap panyambung satata saperti jeung, tapi, atawa,.Contona:Dania
sasapu diburuan, sedengkeun Diana nyebok kembang. Henteu bisa dirobah jadi
: Sedengkeun Diana nyebor kembang, Dania sasapu diburuan.
3)
Dina
Kaloimah ngantet satata henteu dimeunagkeun kecap sulur(kecap gaganti jalma
miheulaan kecap anu disuluranna). Contona : Rikrik teh hayang meuli buku, tapi
manehna teu bogaeun duit.
Henteu bisa dirobah jadi : Manehna teu bogaeun duit,Tapi Rikrik hayang meuli buku.
Henteu bisa dirobah jadi : Manehna teu bogaeun duit,Tapi Rikrik hayang meuli buku.
Kalimah ngantét sélér-sumélér: Nyaeta kalimah ngantet anu sakurang kurangna
diwangun ku hiji klause bebas jeung hiji klause keuger. Ciri-Cirina
1)
Diwangun
ku dua klause nu teu satata, klause lulugu jeung klause sélér.
2)
Tatali
antara klause na dikantetkeun ku kecap panyambung teu satata, saperti sabot, basa, lamun, jste.
3)
Klause
sélér nu dimimitian ku kecap
panyambung teu satata, bisa pindah-pindah posisina.
4)
Klause sélér
biasana nyicingan salah sahiji fungsi J(jejer), O(objek), Panglengkep, atawa
katerangan.
5)
Kecap
sulurna meunang miheulaan kecap nu disulurnana.
Pangaruhna kanggo panulis nyaeta tiasa
ngabedakeun wacana artikel sareng Esay, bisa terang anu dimaksud kalimah ngatet
sareng Bagaian-bagianna.
2.2.2
PANGAJARAN 2
NGAREGEPKEUN TEMBANG
A. Ngaregepkeun Tembang
Kecap tembang nurutkeun kamus mibanda harti basa
dangdingan make aturan pupuh. Wangun karangan nu ngagunakeun aturan atawa
patokan pupuh dina sastra sunda di antarana guguritan jeung wawacan. .Bedana, Guguritan mah wanguna leuwih pondok tur
umumna diwangun ku sapupuh, sedengkeun wawacan mah eusina mangrupa lalakon hiji
carita.
B. Pangaweruh Basa
B. Pangaweruh Basa
Islitah – istilah kasenian nu Mangrupa Tongtonan atawa
Pintonan :
1)
Angklung
: Tatabeuhan tina awi nu dindan – endang.
2)
Badud
: tongtonan nu dipiring ku angklung jeung dogodog sarta diigelan.
3)
Banjet :
Saperti longser, disebut oge topeng Karawang, Waditra Ketuk tilu.
4)
Jaipongan
: Pintonan mangrupa tari ketuk tilu nu ditambihan ku gerak penca
5)
Sisingaan
: Helaran, pesta nyunatan budak nu digotong dina sisingaan .
6)
Wayang : Pintonan nu dipiring ku waditra nu kacida
lengekepna . Jste
Pangaruhna kanggo panulis nyaeta bisa terang ciri
– ciri tembang,conto tembang. Tiasa
ngabedakeun Guguritan sareng wawacan. Bisa terang conto –conto Istilah kasenian
anu mangrupa tongtonan.
2.2.3 PANGAJARAN 3
NULIS HASIL WAWANCARA
NULIS HASIL WAWANCARA
A. Nulis Hasil Wawancara
1.
Maca Conto Teks Wawancara
2.
Maca conto laporan Hasil Wawancara : Nyaeta dina hasil laporan anu geus
di laksanakeun, bisa ditulis deui dina wangun laporan. Laporan eta teh eusina
mangrupa tingkesan tina hasil wawancara atawa jawaban-jawaban narasumber.
B. Pangaweruh Basa
1.
Tatakrama Basa Sunda, nyaéta ragam basa Sunda
(diksi) anu dipaké atawa dipilihna dumasar kana kaayaan anu nyarita, anu diajak
nyarita, jeung anu dicaritakeunana.
No.
|
Loma
|
Sedeng
|
Lemes
|
1.
|
Jawab
|
Walon
|
Waler
|
2.
|
Mahal
|
Awis
|
Awis
|
3.
|
Lanceuk
|
Pun Lanceuk
|
Tuang Raka
|
4.
|
Sabuk
|
Beubeur
|
Beulitan
|
5.
|
Sungut
|
Cangkem
|
Baham
|
6.
|
Tambah
|
Tambih
|
Wuwuh
|
7.
|
Tincak
|
Tincak
|
Dampal
|
8.
|
Bapa
|
Pun bapa
|
Tuang rama
|
9.
|
Butuh
|
Perlu
|
Peryogi
|
10.
|
Ceurik
|
Ceurik
|
Nangis
|
11.
|
Kawin
|
Nikah
|
Rendengan
|
12.
|
Injeum
|
Nambut
|
Nambut
|
13.
|
Nini
|
Pun nini
|
Tuang eyang
|
14.
|
Poho
|
Hilap
|
Lali
|
15.
|
Babatang
|
Mayit
|
Layon
|
Pangaruhna kanggo Panulis nyaeta jadi terang tina
ngadamel teks wawancara, sareng bisa ngabedakeun tatakrama basa sunda anu
sabenerna.
2.2.4 PANGAJARAN 4
MACA KARANGAN SORANGAN
A. Maca Karangan Sorangan
1.
Maca
Jero Hate
2.
Nyusun
Karangan. Carana, langkah kahiji ; nagtukeun jejer nu rek dipedar. Kadua ;
Nyusun rangkay karangan. Katilu ; Mekarkeun rangkay karangan jadi karangan anu
gembleng.
3.
Maca
Bedas(Maca Nyora),mun karangan tos disusun ku hidep, tuluy pek baca sing bedas
secara bagilir.
B. Pangaweruh Basa
1.
Ditilik
dina wana klausa pangwangunna, kalimah bisa dibedakeun jadi sababaraha rupa,
nyeta Kalimah barang, kalimah sifat,
Kalimah pagawean, kalimah bilangan, jeung kalimah pangantet. Cara
ngabedakeunana, ditetenan usuur pangwangun Caritaaana. Lamun Caritanana
diwangun ku kecap atawa frase barang, eta kalimah teh disebut kalimah barang.
Saupama caritaanana diwangun ku kecap atawa frase pagawean, eta kalimah teh
disebut kalimah pagawean.
Kaalimah pagawean bisa kabagi jadi:
1) Kalimah pagawean aktif ; Kalimah nu subjekna migawe pagawean
2) Kalimah Pagawean Pasif ; Kalimah nu subjekna kekeunaan
pagawean
3) Kalimah Pagawean Reflektif ; Kalimah nu pagaweanana keur diri
sorangan
4) Kalimah Pangawean Resiproaktif ; Nu pagaweanana silihbales.
Kalimah Pagawean aktif, ieu kalimah kabagi :
1) Kalimah aktif transitif ; Kalimah pagawean nu merlukeun objek
2) Kalimah aktif intransitif ; kalimah nu teu memerlukeun objek.
Kalimah anu bisa diwincik deui kana bagian nu leuwih leutik nyaeta
kalimah bilangan. Ieu kalimah kabagi jadi 5 :
1) Kalimah Bilangan Utama
2) Kalimat bilangan utama Klitik
(eka,dwi,catur,jste)
3) Kalimat bilangan Rendon (welasan,
puluhan, ratusan, jste)
4) Kalimat bilangan Tahapan
5) Kalimat bilangan Pecahan (setengah,
peserpuluh, jste)
Pangaruhna kanggo panulis nyaeta panulis jadi
terang carana nyusun karangan, tiasa ngabedakeun rupi-rupi warna kalimah
saperti ngabedakeun kalimah pagawean jeung kalimah kalimah nu lain.
2.2.5 PANGAJARAN 5
DRAMATISASI PUISI
A. Dramatisasi Puisi
1.
Mintonkeun
Dramatisasi Puisi
Dramatisasi teh mangrupa pagelaran
karya sastra. Anu sok ilahar di dramtisasikeun nyaeta sajak atawa carita
pondok. Dina prak-prakanana dramatisasi aya nu disebut narator (dalang),Pancenna macakeun nasakh ti awal nepi ka ahir
pagelaran. Bagian bagian carita aya nu dihariringkeun aya oge anu
dipagunemkeun. Conto judul Dramatisasi puuisi nyaeta “lalaki nu balik jurit”.
B. Pangaweruh Basa
Istilah Pariwisata jeung istilah Kasehatan
1)
Istilah Pariwisata :
“Kuring mah can pernah piknik ka muara Cikaso”
“Kiwari mah geus loba turis ka wewengkon palabuanratu”
“Sukabumi mibanda potensi keur Agrowisata(wisata hasil kebun)”
“Lanceukna Neng Senja jadi pamandu wisata di Bali”
“Kuring mah can pernah piknik ka muara Cikaso”
“Kiwari mah geus loba turis ka wewengkon palabuanratu”
“Sukabumi mibanda potensi keur Agrowisata(wisata hasil kebun)”
“Lanceukna Neng Senja jadi pamandu wisata di Bali”
2)
Istilah Kasehatan (boh ngaran kasakit
boh ngaran ubarna)
“Balas :Kasakit sabangsa hapur dina bungeut warnana bodas”
“Peujit Koreseun :Kasakit nyeleungit beunteung lantaran telat barang dahar”
“Cacingeun :Kasakit budak dina beteung nu dibalurkeun ku cacing”
“Puyer : Ngaran obat bubuk”
“Balas :Kasakit sabangsa hapur dina bungeut warnana bodas”
“Peujit Koreseun :Kasakit nyeleungit beunteung lantaran telat barang dahar”
“Cacingeun :Kasakit budak dina beteung nu dibalurkeun ku cacing”
“Puyer : Ngaran obat bubuk”
Pangaruhna kanggo panulis nyaeta jadi terang
maksud tina Dramatisasi puisi saren jadi terang istilah- istilah pariwisata
sareng istilah kasehatan.
2.2.6
PANGAJARAN 6
NULIS KARANGAN ILMIAH
A. Nulis karangan ilmiah
nya éta laporan tinulis jeung
dimedalkeun anu maparkeun hasil panalungtikan atawa kajian anu geus dilakukeun
ku hiji jalma atawa hiji tim kalawan saluyu jeung
kaédah sarta étika kaélmuan anu dipageuhkeun sarta ditaatan ku
masarakat kaélmuan.
B. Pagaweruh Basa
1.
Istilah patukangan :
1)
Adkopat
: pangacara, pokrol, tukang ngabela nu boga perkara
2)
Andir
: Tukang ngurus Jalan
3)
Anjun
: Panjunan, tukng nyieu barang gagarabah / parabot tina taneuh
4)
Arsitek
: Tukang nyiptakeun gambar wangunan anu alus
5)
Atlet
: Tukang Olahraga
2.
Istilah nu majukeun kandaraan
1) Mualim/nahoda : Jalma nu majukeun
kapal cai
2) Pilot : Jalma anu majukeun kapal udara
diluhur
3) Masinis : Jalma anu
majukeun Kareta api
4) Kusir : Jalma anu majukeun Kuda narik delman
5) Joki : Jalma anu majukeun Kuda teu make
delman
2.2.7 PANGAJARAN 7
NYARITAKEUN EUSI NOVEL
A. Nyaritakeun eusi novel
Novel nya éta karya sastra wangun prosa naratif fiksi nu caritana diatur dipapantes, nepi
ka anu macana jaba ti ngarti, bari bisa ngarasakeun sarta nyipta kana naon-naon
nu kasebut dina éta carita. Galur caritana leuwih rumit lamun
dibandingkeun jeung carpon atawa carita pondok, lantaran jumlah kajadianna kawilang
réa, sarta diwangun ku sababaraha épisodeu. Novel asalna tina basa Italia ''novella'',
dina basa Jerman ''novelle'',
sarta di basa Yunani ''novellus'',
tuluy asup ka Indonesia jadi novel. Istilah-istilah éta téh
hartina sarua nya éta karya prosa fiksi nu panjangna cakupan, teu panjang
teuing ogé teu pondok teuing. Novel biasana diwangun ku leuwih ti 40.000 kecap,
turta miboga ajén-ajén norma saperti ajén sosial, ajén étnik, ajén hédonik, ajén spirit, ajén koléktif, jeung ajén struktural.
B. Pangaweruh Basa
1.
Leksikal
jeung Gramatikal
Leksikal nya
eta harti anu dikandung ku hiji kecap dumasar kana kamus, aya oge anu
nyebutkeun harti paseur.Gramatikal nya
eta harti kecap anu geus menang pangropea, boh ku cara dirarangkenkeun, boh ku
cara dirajek atawa dikantetkeun.
Conto : a. Tataman Oge kagolongkeun
kana sireum
b. Jang Arya reseupeun pisan kana sisireuman tina karet
c. Ari singsireumeun kaasup kana kasakit henteu?
b. Jang Arya reseupeun pisan kana sisireuman tina karet
c. Ari singsireumeun kaasup kana kasakit henteu?
Kalimah a disebutna harti leksikal, sedengkeun kalimah b jeung c disebutna harti
gramatikan.
Pangaruh kanggo panulis nyaeta jadi terang kana
nu dimaksud novel teh, panulis jadi tiasa ngabedakeun kalimah leksikal jeung kalimah gramatikal.
BAB
III PANUTUP
3.1 Kasimpulan
Dina eusi diluhur tadi, tiasa
disimpulkeun bahwa basa sunda meuni ka seeur, mulai ti budaya, kasenian, basa, pakakas
musik , jste. Matak dari kitu urang sadaya salaku orang sunda teh kudu
Ngalestarikeunana tong tika pareum. Laporan ieu oge ngajadikeun panambah elmu pangatahuan ka abdi
salaku panulis.
3.2
Saran
Abdi
nyadar dina laporan ieu seeur manggihan kalimah atawa kata anu teu dipiharti
jeung kata anu kurang merenah, ku kituna abdi ngaharepkeun saran jeung kritikna
yen abdi tiasa nganyampurnakeun ieu laporan tiasa tambih sae.
Jeung
hatur nuhun ka ibu guru basa sunda ano tos masihan tugas ujian praktek ieu.
Daftar Pustaka
Yusuf,
Maulana, Andika, 2015, Panulis laporan
pangajaran basa sunda.Cibadak https://www.wikipedia.org/
Mungkin itu laporan Tentang Pangajaran basa sunda kelas 9 Semester 4-5. Semoga Bermanfaat :) .
Jangan lupa untuk klik share likenya dibawah ini! :
Dapatkan Penghasilan Tambahan Dengan Bermain Poker Online di www , SmsQQ , com
BalasHapusKeunggulan dari smsqq adalah
*Permainan 100% Fair Player vs Player - Terbukti!!!
*Proses Depo dan WD hanya 1-3 Menit Jika Bank Tidak Gangguan
*Minimal Deposit Hanya Rp 10.000
*Bonus Setiap Hari Dibagikan
*Bonus Turn Over 0,3% + 0,2%
*Bonus referral 10% + 10%
*Dilayani Customer Service yang Ramah dan Sopan 24 Jam NONSTOP
*Berkerja sama dengan 4 bank lokal antara lain : ( BCA-MANDIRI-BNI-BRI )
Jenis Permainan yang Disediakan ada 8 jenis :
Poker - BandarQ - DominoQQ - Capsa Susun - AduQ - Sakong - Bandar Poker - Bandar 66
Untuk Info Lebih Lanjut Dapat menghubungi Kami Di :
BBM: 2AD05265
WA: +855968010699
Skype: smsqqcom@gmail.com
bosku minat daftar langsung aja bosku^^
Laporan Pangajaran Basa Sunda Kelas 9 Semester 4-5 >>>>> Download Now
BalasHapus>>>>> Download Full
Laporan Pangajaran Basa Sunda Kelas 9 Semester 4-5 >>>>> Download LINK
>>>>> Download Now
Laporan Pangajaran Basa Sunda Kelas 9 Semester 4-5 >>>>> Download Full
>>>>> Download LINK OK